Kecap Panganteur

Kamis, 07 Oktober 2010

Kahatur kasadaya kanca wargi khususna warga Gununglarang. Wilujeng linggih ka blog urang sarerea blog lembur urang Gununglarang anu katelah.
Blog ieu kacipta, nyaeta nyumponan ujaring carita ti para baraya, nedunan paneda ti pupuhu Desa, bapak Salpudin tegesna. Salain ti eta, aya oge ti kawula muda, Gununglarang GHAFT katelahna. Nyaeta kumpulan kawula muda kalih remaja, anu mirosea, kana ujaring indung bapa, kanggo tetep ngarasa mibanda, ka budaya asalna, Gununglarang anu dipikacinta.

Hatur rewu nuhun laksa keti kabingan ka kanca wargi anu parantos tiasa rurumpaheun linggih. Pamugia teu ngarasa kuciwa, justru aya hate bagja. Amin...

Kanca wari anu kusimkuring dipikadeudeuh. Sok bilih dulur-dulur ngagaduhan ide, gagasan, ngagaduhan artikel, tanapi naon bae anu kacida pisan hayang diturihkeun ngalangkungan tulisan, mangga diantos kintunanana. Kamana atuh dikintuna? Mangga kintun bae ka alamat imel di handap:

1. kg.deris@gmail.com
2. rakarezka@ymail.com

Tanapi bade ngalangkungan SMS (ngan panginten rada panjang, teras nyeepkeun waragad yeuh), mangga kintun bae ka 081 324 437 834. Ah... alim cenah da palay ditulis tangan bae, mangga.... kintunkeun bae berkasna karompok sim abdi di:
Blok Desa Gununglarang RT/RW 003/001 Kec. Bantarujeg Kab Majalengka Kode Pos 45464.

Ka kanca wargi nu parantos ngiring partisipasi kana ngintunkeun artikel tanapi ide-ideuna, sim abdi ngahaturkeun nuhunkeun pisan. Kedah uninga, eta teh mangrupikeun tanda deudeuh kalemah cai pribadi. Leres sanes?


0 komentar:

Posting Komentar

 
 
 

Perkawis

Foto Saya
Rudi Dede Rahmat
Bantarujeg, Majalengka, Indonesia
Lihat profil lengkapku
SMPN 2 Bantarujeg

Pengikut